Minggu, 05 Juli 2015

wayang

Kami saukur ngemutan
Kami ge ngaraos teu acan dugi
Teu acan tangtos tiasa mung sèeur lepatna
Nyuhungkeun dihapunten ti luhur sausap rambut ti handap sausap dampal...

Janten jalmi mah ulah agul ku payung butut
Bilih tideuha ku pamawa sorangan
Diluhureun lalangit masih aya lalangit    
  
Paripolah manusa anu agul adigung adiguna
Cunduk kanu waktos ninggang kanu mangsa
Tos keunging kanu tikoro na mah bakal nalangsa tah hirup
Jalmi jago mah jalmi anu tiasa naklukeun sagala rupi hawa napsu awon dinu diri

Kami keudah uninga yen mahkota kahuripan nyaeta handap asor
Sadaya daya na ge sajengkal

Ulah hilap kanu purwadaksi
Ulah hilap kanu wiwitan yen asal muasal kami teh ti manten?
Kami lir ibarat wayang anu ngalalakon dina pangumbaraan
Dibalik sadayana aya dalang anu saujratna nyaeta Sanghyang Widi
Enggal-enggal bebenah diri kumargi salengkah manusa mah maut
Ngan nu janten p'tanyaanna lengkah mana anu bade dijugjug?
Rupina Sanghyang mah nuturkeun yen kami bade lelengkah halu kamana oge teu langkung asal kami siap nyepeung anu landian na resiko..

Ulah hilap aya hiji anu keudah diemutan,
kami hirup kanggo ngantosan mulih,
nu janten pertanyaan ;
"Naon anu bade dicandak upami atos waktosna mulih ka jati mulang ka asal?"


by : Siloka Ingsun


Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Read more: http://www.caraseoblogger.com/2013/11/cara-menambahkan-animasi-burung-twitter.html#ixzz3el8JkrWy